بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد لله ربّ العالمين وبه نستعين على أمر الدنيا والدين وعلى اله وصحبه اجمعين
اشهد ان لا اله الاّ الله وحده لا شريك له واشهد انّ محمّدا عبده ورسوله. الذى لا نبيّ بعده
فقال النبيّ صلى الله عليه وسلم.
من احبّ ان يبسط له فى رزقه وان ينسأله فى أثره فليصل رحمه
Puji nu tos maranti nu dijadikeun panghias ati mangga urang sanggakeun ka Gusti nu maha suci, Puja nu tos biasa nu sok dijadikeun panghias duka lara mangga urang sanggakeun ka Allah nu maha Kawasa, Syukur nu ti kapungkur mangga urang sanggakeun Alloh nu maha Ghofur. Alhamdulillah dina saat nu ayeuna urang masih ditangtayungan Rahmat sarta Hidayat sahingga baraya sa desa jeung dulur-dulur salembur bisa ngarasakeun nikmatna hirup jeung hurip salilana aya dina konsistensi "hayatuna kulluha ibadatun" . hal ieu teh teu aya lian ti kawasa jeung kersana Gusti nu maha suci.
Salajengna, tina raraga ngalaksanakeun syari'ah Islam kalayan ngaliwatan washilah shilaturahmi keur ningkatkeun tali ukhuwah baraya sa desa jeung dulur salembur, perluna salah sahiji wadah anu fungsina keur ngahijikeun wajah jeung wijhah urang sararea, sakumaha ceuk visi urang " Ngajalin Ukhuwah Ngabeungkeut Tali Rahmah". Kukituna dina mangsa anu ayeuna mangga urang pada-pada rojong jeung dukung aspirasi ieu keur nyalurkeun partisipasi baraya sangkan ngawujud wajah jeung wijhah urang.
Diantara ayat anu paling pokok dijadikeun dasar yen wajibna silaturahmi nyaeta surat Annisa ayat 1 anu kieu unggelna, Wataqullâh alladzî tasã`alûna bihî wal arhâm… “Dan bertakwalah kepada Allâh yang dengan (mempergunakan) nama-Nya kamu saling meminta satu sama lain, dan (peliharalah) hubungan silaturrahim.”
kalimat Arhâm bentuk jama dina kata rahim ngandung harti kandungan. Imam Alqosimi dina tafsirnya mere pengertian ku makna “wattaqul arhâm” (nitip rahim, nitip kandungan).
Sapintas karasa teu aneh, Allâh nitipkeun kandungan, tapi nurutkeun ahli ilmu bayan/balaghoh kalimat seperti iyeu kaasup kana kalimat Majaz Mursal, min ithlaqil mahâl lil iradati hâl, disebut tempat anu dimaksud nyaeta anu nempatannana.
Wattaqul arhâm. Nitip kandungan jelas maknana nyaeta nu kaluar dina kandungan nyaeta anak jeung katurunan. Jadi lamun urang narik pamahaman dina kalimat nu dicokot dina surat Annisa ayat 1 tadi. Allâh nganjurkeun kudu takwa anjeun ka Allâh hei sakabeh orang tua jeung didik (jaga) anak katurunan anjeun supaya maranehna jadi manusa-manusa nu takwa og.
Di lingkungan urang sok loba anu memahami makna silaturahmi teh sebatas ngayakeun pertemuan kulawarga atawa pertemuan warga/babaturan. terus papada ngenalkeun hubungan duduluran; aki, nini, paman, bibi, alo, dstnya. Memang eta oge ngandung nilai positif, tapi nu disebut silaturahmi teu sabates kitu, lain ngan wungkul nguatkeub hubungan duduluran, nu leuwih esensial (penting jeung mendasar) nyaeta kumaha nguatkeun hubungan kaimanan, katakwaan dina lingkungan kulawarga masing-masing.
Dina tafsir Ibnu Katsier dimaktub aya hiji hadits anu diriwayatkan Ibnu Jarir, Rasûlullâh Saw., bersabda, “Engke di na poe kiamat diantara hamba-hamba Allâh aya sakelompok jalma nu bakal meunang tempat nu istimewa di surga, maranehna teh lain para Nabi oge lain para Syuhada, malah para Nabi jeung Syuhada katarik ku kadudukan maranehna di sisi Allâh dina hari kiamat. Ngadenge pernyataan saperti para sahabat sumanget pikeun tatanya, ‘Yaa Rasûlullâh, manusa model kumah anu bakal meunang tempat istimewa di surga?’ Nabi teu nyebutkeun ngaran oge kelompok, tapi nyebutkeun sifat, maranehna nu bakal meunang tempat nu istimewa di surga nyaeta anu nalika hirupna di dunya papada mikacinta, mikaheman kalawan dasar karena Ruh Allâh (kaimanan, kaislaman jeung katakwaan) lain kusabab ikatan harta atawa katurunan.”
Wajar lamun salah sahiji aki deudeuh jeung nyaah ka incuna kusabab boga hubungan famili, pantes lamun mitoha nyaah ka minantu kusabab kaiket ku anak, normal lamun saurang tukang dagang nyaah ka pelangganna kusabab aya iketan simbiosa mutualistis (hirup saling nguntungkeun pakuat pakait jeung harta). Tapi ternyata anu mawa akibat positif engke di akhirat -nepi ditempatkeun di kelas nu istimewa di surga, lain iketan kukulawargaan atawa bisnis, tapi leuwih kusabab iketan rasa kaimanan, kaislaman, jeung katakwaan.

Ku sabab kitu mangka nu di maksud silaturahmi teh jelas lain ngan sakadar ngumpulkeun kulawarga jeung sili ngenalkeun hubungan duduluran tapi kumaha urang ngokohkeun kualitas kaimanan jeung katakwaan diantara kulawarga urang.
Naha lain anak Nabi Nûh nu jenengana Kan’an ku Allâh dilelepkeun ku banjir nu kacida pisan gedena. Nalika Nabi Nûh menta pitulung ka Allâh pikeun nyalamatkeun anakna, Allâh ngawaler, “Hai Nûh, manehna (Kan’an) lain kulawarga anjeun!.” Ahli tafsier ngamaknaan kusabab manehna (Kan’an) teu daek amal sholeh saperti bapa na (Nûh).
Dina carita Nûh jeung anakna urang bisa diajar yen makna silaturahmi teh lain ngan sakadar sasalaman ngayakeun pertemuan tapi nu paling esensial nyaeta kumaha urang ngokohkeun kualitas kaimanan, kaislaman, jeung katakwaan dina lingkungan kulawarga urang sahingga babarengan jadi manusa-manusa nu tarakwa.
“Jeung jalma-jalma nu ariman jeung anak incu maranehanana nuturkeun dina kaimanan, Kaula bakal nyambung anak incu maranehanana jeung maranehna, jeung kaula moal ngurangan saeutik oge dina pahala amal maranehanana. Tiap-tiap manusa kaiket ku perkara nu dilampahkeunnana.” (Qs. Ath-Thuur [52]:21)
Mudah-mudahan urang dipaparin kakuatan ku Allâh pikeun ngajaga jeung miara silaturahmi khususna dilingkungan kulawarga urang masing-masing.

Wallohu 'alam bissowab
Tidak ada komentar:
Posting Komentar