Mimbar Jum'ah

Anu Sholat Antara Bagja Jeung Cilaka

Al-hamdulillah, sagala puji sinareng syukur éta tetep kagungan Alloh Anu Maha Ghofur, anu kalayan kanyaah katut kaasih Mantenna urang tiasa tepang tur ngeusian sasih Romadlon, shaum sabulan campleng. Mudah-mudahan shaum Romadlon geusan ngajadikeun urang minangka golongan muttaqin. Beresih tur suci tina sagala dosa.
Sholawat miwah salam mugia salawasna dilungsurkeun Alloh SWT ka junjunan urang Rosul Muhammad SAW, minangka uswah katut qudwah urang, ka kulawargana katut para sahabatna sareng jalma-jalma anu nuturkeun tapak lacak aranjeuna.
Teu hilap khotib ogé ngalangkungan ieu mimbar, ngadugikeun du’a Tahni’ah; “Taqobbalallohu minnaa wa minkum wa kullu ‘aamin wa antum bikhoirin”. Mudah-mudahan Alloh nampi amal ibadah urang sadaya, sareng mudah-mudahan urang salawasna aya dina kahadéan. Amin. Hadirin, khotib ogé moal bosen-bosen pikeun terus ngélingan utamana ka diri khotib sorangan umumna ka jama’ah sangkan terus ngamumulé jeung ngaronjatkeun iman katut taqwa, demi iman jeung taqwa éta panghadé-hadéna bekel urang dina énggoning nyorang kahirupan nu pasti bakal datang, nyaéta poé kiamah.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh!
Moal luhur anu dipihatur dina khutbah anu ayeuna, tapi urang ngémut-ngémut deui kana pagawéan urang salaku muslim, anu mana ieu gawé téh minangka kawajiban urang salaku muslim anu teu bisa ditinggalkeun, nyaéta sholat.
Aya dua rupa nasib anu bakal karandapan ku jalma-jalma anu sholat. Aya jalma anu ku sholatna téh bakal meunang kabagjaan, ogé aya jalma anu ku sholatna téh bakal meunang kacilakaan. Ari jalma nu sok sholat tur meunang kabagjaan, ieu diuningakeun ku Alloh SWT dina surat al-Muminun, ayat 1 jeung 2 nu unggelna;
Kacida bagjana jalma-jalma mumin téh. (Nyaéta) jalma-jalma anu khusyu dina sholatna.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumuloh!
Khusyu dina sholat éta lain hiji pagawéan anu énténg. Demi sering kaalaman ku urang, nalika méméh sholat pikiran teu loba kumalayang teuing. Tapi nalika geus prak sholat, sagala rupa anu asalna teu inget dina sholat mah jadi inget. Nepika teu saeutik jalma anu keur sholat ngajanteng salila-lila, lain ku alatan bacaanana panjang, tapi malaweung ngalamun. Kumargi kitu Rosululloh SAW maparin wawadi ka urang sangkan urang bisa ngamumulé khuysu nalika sholat. Diantarana, Rosululloh SAW nyaram ka jalma anu hayang kahampangan atawa kabeuratan pikeun ngalaksanakeun sholat. Naon margina Rosul nyaram kitu? Ku urang tiasa kasawang. Kumaha jadina upama hiji jalma diantara urang ngalaksanakeun sholat bari nahan kahampangan. Geus tangtu dina sholatna téh moal aya kakhusyuan, demi pikiran jeung perhatianana kabéngbat ku hayang ka Wc.
Kitu deui Rosul ngawagel jalma nu ngaos al-Quran, jalaran aya anu keur sholat. Lain teu meunang maca al-Quran, demi maca al-Quran téh kaasup ibadah, tapi ngajénan ka jalma anu keur sholat, bisi kaganggu sholatna alatan leungit kakhusyu’na.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh!
Khusyu dina sholat éta lain teu inget naon-naon, nepika diciwit atawa dicabok teu karasa, saperti ceuk dina dongéng, lain kitu. Tapi khuysu’ téh nyaéta ngetrukkeun sakabéh perhatian urang, anu keur sholat kana éta pagawéan sholat.
Upama urang keur nyupiran, écés urang kudu sadar, yén urang téh keur nyupiran lain keur gapléh. Upama urang leungit kasadaran nalika keur migawé hiji pagawéan, geus pasti bakal tinemu jeung kacilakaan. Malah dina ayat séjén, kakhusyuan urang diperedih lain baé nalika urang keur sholat wungkul, tapi diluar sholat ogé urang diperedih kudu khusyu. Sakumaha pidawuh Alloh anu unggelna;
Naha acan datang waktuna pikeun jalma-jalma anu ariman haté-haténa khusyu’ pikeun éling ka Alloh.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimaumulloh!
Ari kabagjaan anu bakal kahontal ku jalma-jalma nu harusyu’ dina sholat, éta ngawengku kana kabagjaan lahir katut batin, dunya jeung akhérat. Kabagjaan dunya, maranéhna bakal bisa ngahudangkeun dina dirina “sumber daya manusia” nu utama. Nepika bisa jadi manusa anu produktif, jalma anu bisa ngahasilkeun, lain jadi jalma anu konsumtif, jalma nu salawasna diladangan batur. Hal ieu bisa kaaos ku urang dina ayat saterasna tina surat al-Muminun ayat ka 3 dugi ka 9 di luhur.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh!
Golongan anu kadua, nasib jalma anu sok sholat téh nyaéta diancam ku kacilakaan. Sakumaha pidawuh Alloh SWT. (QS. Al-Ma’uun : 4-5)
Poho, kaliru jeung salah éta mah geus jadi sifat jeung watek manusa. Teu aya hiji ogé jalma nu teu kungsi poho. Malah Nabi Muhammad ku anjeun kantos ngarandapan kahilap. Sakumaha kasauran anjeuna;
Satemenna kaula téh manusa saperti maranéh. Kaula ogé sok poho saperti pohona maranéh. Jeung upama kaula poho, prak ingetan ku maranéh.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh!
Poho nu diancam ku kacilakaan, éta lain poho dina waktu keur sholat. Tapi poho sanggeus sholat. Upama kajadian poho dina waktu keur sholat, nya bisa diganti ku “sujud sahwi” sakumaha nu kantos karandapan ku Rosululloh SAW. Anjeuna kantos sholat berjama’ah anu kedahna mah opat roka’at, malah mung dua roka’at. Nalika réngsé sholat para sahabat silih taros, nyirikeun aya anu badé ditaroskeun ka Rosul, mung teu warantuneun.
Tapi aya hiji sahabat nu naroskeun ka Rosul ngeunaan sholat anu dua roka’at, padahal kedahna mah opat roka’at. Rosul ngawaler: “Enya kaula poho!” lajeng Rosul sareng para sahabat nambahan deui dua roka’at nu kirangna, bari dipungkas ku sujud sahwi. Pon kitu deui upama aya imam poho anu kuduna mah tasyahud awal dina dua roka’at, ari ieu kalahka jung nangtung, nya anu jadi ma’mum kudu ngélingan ku ucapan “subhaanalloh!”. Atawa imam poho dina maca surat, nya ma’mum kudu ngabéjaan, ulah ngantep. Turta si imam ogé kudu beunang dibéjaan, ulah noyod waé. Kitu upama poho nalika waktu sholat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh!
Tapi upama poho sanggeus sholat, poho kana sagala rupa anu diikrarkeun dina waktu sholat, demi sholat éta euyeub ku jangji pasini urang ka Alloh SWT, nya anu kitu pisan nu bakal diancam baris cilaka. Sabab poho saba’da sholat éta nuduhkeun hiji jalma nu teu boga tanggung jawab kana nu geus diucapkeun jeung dipigawéna. Dina surat al-Khasyr, Alloh ngandika:
Jalma anu poho ka Alloh nyaéta jalma anu poho kana ni’mat ti Alloh, sakaligus poho kana jangji anu geus dikrarkeun ku manéhna nalika sholat.
Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh!
Kasadaran umat Islam di urang geus bisa disebutkeun aya ronjatanana. Ti mimiti pajabat nepi ka rahayat, teu sirikna nu getol sholat téh éstu teu kendat-kendat. Sok aya kabéjakeun ku media masa pajabat nu getol sholat tahajud, getol shaum senen kemis, getol silaturrahim ka pasantrén-pasantrén. Pikeun urang salaku rahayat nu dihandap atoh upama para pajabat geus garetol sholat, sugan baé diturutan ku rahayat anu balangsak bari tara sholat. Demi sagala urusan di urang mah biasana kumaha nu di laluhur jeung kumaha usum.
Upama anu di luhur garetol shaum senén kemis, ramé kahandap ogé getol shaum. Upama para pajabat loba nu ngukut dukun, getol datang ka kuburan, nya ramé di handap ogé milu ngukut jeung daratang ka kuburan. Kitu watek jeung talajak di urang mah. Mudah-mudahan baé raména para pajabat sarolat tahajud atawa shaum senen kemis, jeung loba silaturrahim ka majlis ta’lim atawa pasantrén-pasantrén téh éta lain saukur mode, lain saukur hayang nguseup sora pedah badé mayunan pemilu atawa pemilihan umum.
Hadirin jama’ah jum’at rohimakumulloh!
Upama para pajabat geus getol sholat, komo maké sholat tahajud mah, urang kudu bungah, demi sholat mibanda tanaga pikeun ngaleungitkeun pirang-pirang kama’siatan jeung kadorakaan. Pidawuh Alloh. Satemena sholat téh bisa negah fahsya jeung munkar.
Fahsya nyaéta hiji pagawéan doraka anu teu bisa dilampahkeun ku sorangan, saperti ngadu, jinah, paséa, korupsi ngagerejud harta rahayat. Sedengkeun munkar mah nyaéta kadorakaan anu bisa dipigawé ku sorangan, saperti maling, jeung sabangsana. Pikeun ngukur nepi ka mana sholat urang bisa mibanda kakuatan jeung henteuna, urang bisa nempo kana euyeub jeung teu euyeubna kadorakaan disatengahing urang.
Upama kama’siatan masih kénéh mahabu disatengahing urang, saperti judi, ngadu, korupsi jeung sabangsana, nuduhkeun yén sholat urang téh teu mibanda kakuatan. Cindekna mah acan aya hartina. Sabab sholat anu geus ngandung harti, nyaéta sholat anu bisa ngaleungitkeun pirang-pirang kama’siatan.
Hayu urang muhasabah kana diri urang sorangan. Naha sholat urang téh geus bisa nyegah kana kama’siatan. Boh kama’siatan nu aya dina diri urang sorangan, atawa kama’siatan anu aya di tengah-tengah masarakat. Upama jawabanana téh teu acan aya kakuatanana, nya hayu urang sami-sami ronjatkeun. Margi, teu acan sampurna sholat urang upama saukur menerkeun kaifiyatna wungkul tapi hapa tina buahna.
Buah tina sholat, nyaéta hudang jeung ngagedurna ruh jihad pikeun ngalawan jeung ngaleungitkeun sagala kama’siatan. Mangga urang ngadu’a ka Alloh, mugia urang dipaparin kakuatan pikeun ngawujudkeun buah tina sholat urang. (Alma’ Muchsin/BD).*





JIHAD Jalan Da’wah Para Nabi jeung Rosul





Hadirin Rohimakumulloh!
Sagala puji éta kagungan Alloh, Robb katut sesembahan sakumna alam, anu parantos maparin kani’matan jeung kurnia-Na anu taya kendat-kendatna sapanjang jaman ka mahluk-Na. Boh nu mangrupa kaséhatan, kasempetan tug nepika urang bisa nyumponan kawajiban sholat jum’at.
Sholawat miwah salam mudah-mudahan dilungsurkeun ka pamingpin jeung uswah urang Nabi Muhammad SAW, ka kulawagana, ka para sahabatna jeung jalma nu nuturkeun tapak lacakna nepi ka ahir jaman.


Hadirin Rohimakumulloh!
Urang sering nguping pirang-pirang paham ngeunaan jihad nu ditepikeun ku sawaréh jalma nu teu mibanda pamahaman nu beresih, jeung élmu nu jembar. Sawaréh ti antara maranéhna aya nu mibanda sikep “éktrim” dina hal jihad. Maranéhna ngomong jihad bari teu dibarengan ku bashiroh, henteu maké élmu ogé teu merhatikeun kana katangtuan-katangtuan syaréat. Teu dibarengan ku élmu maranéhna nyerang tempat itu jeung ieu, nandasa jeung maténi jalma-jalma anu dianggap halal getihna ogé ngalakukeun aksi teror, ngaruksak jeung lampah anarkis séjénna bari diklém minangka jihad fii sabilillah.
Salian ti éta, aya deui golongan nu mangsabodo tur nganggap réméh kana jihad, nepika aya nu boga anggapan yén jihad téh mangrupa hiji tindakan pamaksaan dina ngagem agama. Padahal, Alloh parantos nguningakeun, “Henteu aya paksaan pikeun (ngagem) agama (Islam)”.
Masalah gedé ieu kudu jadi perhatian tur kudu dijelaskeun ka umat sangkan kabéh jadi jelas. Jalaran kitu, dina ieu khutbah khotib bakal ngadadar ngeunaan jihad ieu, kalayan mibanda harepan sangkan bisa méré mangpaat pikeun diri khotib utamana jeung kaom muslimin dina umumna.


Hadirin Rohimakumulloh!
Jihad téh mangrupa kawajiban nu geus dilakukeun ku umat-umat saméméh diutusna Rosululloh SAW, saperti Nabi Musa AS nu jihad bareng jeung kaom Bani Isroil, saperti dina pidawuh Alloh;


“He kaom kaula! Pék geura arabus maranéh ka ieu nagri anu suci (Baitul Maqdis) anu geus ditangtukeun ku Alloh pikeun maranéh, jeung ulah sumoréang ka tukang (ulah kufur deui) bisi maranéh jadi jalma nu rarugi”. (Al-Maidah: 21).
Pon kitu deui kaom-kaom saba’da Nabi Musa AS, maranéhna ogé disyaréatkeun pikeun jihad, saperti nu dilakukeun ku Raja Tholut, Nabi Daud as, Nabi Sulaiman AS nalika da’wah ka Ratu Bilqis.
Alloh nyaréatkeun jihad, minangka sunnah para nabi baheula tug nepi ka diutusna Nabi urang Muhammad SAW kalayan mibanda tujuan pikeun nanjungkeun kalimah Alloh tur ngaleungitkeun kamusyrikan jeung kakufuran.


Hadirin Rohimakumulloh!
Sacara basa, jihad hartina bajuang atawa soson-soson. Maksudna mah ngetrukkeun sagala pangabisa kalayan bener dina raraga taat ka Alloh SWT jeung ibadah ka Mantenna, kaasup dijerona bajuang nyanghareupan urang kafir nu merangan umat Islam saperti nu dilakukeun ku Yahudi kiwari ka dulur urang di Palestina, atawa di Afganistan jeung Irak. Hiji muslim salawasna jihad ku ngalaksanakeun salah sahiji tina rupa-rupa jihad, nyaéta;
Jihad an-Nafs, nyaéta merangan diri sorangan sangkan salawasna taat ka Alloh, maréntah diri sangkan ngajalankeun kataatan, ngabiasakeun jeung nyaram tur nyinglarkeun diri tina ma’siat ka Alloh. Jihad ka diri éta  lumangsung satungtung hirup. Sing saha jalma nu teu mampuh nyanghareupan diri sorangan, geus tangtu moal bisa nyanghareupan jalma séjén. Napsu nu maréntah kana kagoréngan, kajaba nu dipaparin rohmat éta kudu terus diperangan, nepika ngamungkinkeun pikeun ngalaksanakeun hambalan jihad anu séjénna.


Hadirin Rohimakumulloh!
Upama hiji jalma geus bisa ngalawan dirina sorangan, nya hambalan nu saterusna mah nyaéta bajuang pikeun ngalawan sétan, musuh nu salawasna datang ngagoda ti pirang-pirang jihat, kénca katuhu hareup jeung tukangeun urang. Sétan sok mapaés laku lampah goréng tur nyaliarkeun kamang-mang, ngajak kana kakufuran, kamusyrikan, jeung kama’siatan.
Anu jadi pasualanna, kumaha carana ngalawan sétan? Nya geus pasti carana téh taya lian anging ku henteu ngalakukeun kagoréngan nu diharéwoskeunana jeung ngalaksanakeun saniskara anu ku sétan dicaram ka urang.
Sétan maréntahkeun ka urang sangkan nguculkeun ibadah katut kato’atan ka Alloh ogé maréntahkeun sangkan urang ma’siat ka Alloh SWT. Jalaran kitu urang ulah nuturkeun saniskara paréntahna. Ieu mangrupa jihad ngalawan sétan. Ari jihad nu séjénna mah nyaéta jihad ngalawan ahli ma’siat, nyaéta nyanghareupan dulur-dulur urang sasama mumin nu lamokot ngalakukeun ma’siat jeung panyéléwéngan séjénna, nyaéta ku nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi anil munkar.
Amar ma’ruf nahyi anil munkar téh mangrupa salah sahiji wujud jihad, tapi ieu dilakukeun luyu jeung kaparigelan séwang-séwangan jalma. Nu mampuh ku leungeunna nya ku leungeunna, nu bisa ku lisan nya kudu ngalakukeun jihadna nu lisanna, upama henteu mampuh kénéh nya minimalna ku haténa nyaéta ku cara mikaceuceub tur ingkar kana kama’siatan.


Hadirin Rohimakumulloh!
Jihad lianna nyaéta jihad ngalawan golongan munapék, jalma nu némbongkeun kaislaman jeung kaimanan tapi nyumputkeun kakufuranna ka Alloh SWT. Ti maranéhna kaom muslimin sering narima sikep jeung lampah nu pikanyerieun, omongan nu goréng, jeung subhat atawa kamangmang dina ngamahamkeun Islam.
Jalaran kitu, dibutuhkeun jihad pikeun ngarugrugkeun syubhat maranéhna, ngajawab omongan maranéhna nu diaya-ayakeun ogé ngécéskeun kana kakaliruan maranéhna. Golongan jalma munapék ieu kadang mibanda rétorika nu alus, élmu komunikasi nu punjul mangrupa mantéq, filsafat jeung élmu kalam. Maranéhna ngamusuh ka umat Islam tur ngaliarkeun kagoréngan, boh ku lisan atawa tulisan, atawa ngadu dombakeun tur melakkeun pacéngkadan di tengah-tengah kaom muslimin.
Jalaran kitu urang wajib ati-ati ka maranéhna saperti pidawuh Alloh; “Maranéhna téh musuh. Ku kituna hidep kudu waspada ti maranéhna” (Al-Munafiqun : 4).


Hadirin Rohimakumulloh!
Wujud jihad nu séjénna nyaéta jihad ka jalma-jalma kafir, nyaéta ku ngangkat pakarang, nyanghareupan maranéhna dina pangperangan, perang di jalan Alloh SWT. Tapi ieu kawajiban téh dilakukeun ku cara tahapan, saperti anu dilakukeun ku Rosululloh SAW. Nalika di Makkah, kaom muslimin bener-bener dipahing pikeun jihad tur diparéntah pikeun nahan diri jeung terus da’wah nepikeun atikan Islam. Kitu rupa-rupa jihad dina Islam.


Hadirin Rohimakumulloh!
Saméméh khotib mungkas ieu khutbah, kacida pisan hadéna upama urang ogé nyaho kana hukum jihad fii sabilillah dina harti nu heureut, nyaéta perang di jalan Alloh nyanghareupan musuh. Para ulama ngabagi hukum  jihad jadi fardlu ain jeung fardlu kifayah.
Anu kahiji, jihad fardlu ‘ain, nyaéta jihad nu hukumna wajib pikeun saban jalma muslim nu mampuh pikeun jihad. Di antara kondisi jihad nu hukumna fardlu ain téh nyaéta :
(1) Upama kaom muslimin diserang ku musuh di nagri maranéhna, nya kaom muslimin wajib ngalawan, nepika saha baé ti padumuk nagri nu mampuh perang wajib pikeun ngabéla diri, ngaraksa kahormatan jeung mertahankeun nagri nu diserang téa saperti nu kiwari kabandungan di nagri urang, Paléstina, Afganistan, jeung Irak.
(2) Upama Imam kaom muslimin maréntah pikeun jihad, nya hukum jihad jadi fardlu ain pikeun saban muslim nu mampuh.
(3) Upama geus siap perang jeung dua pasukan geus paadu hareupan, nya ulah kabur jeung sumoréang mundur ka tukang, lamun mibanda kakuatan nu cukup, pidawuh Alloh : Hé jalma nu ariman! Lamun maranéh paamprok jeung jalma-jalma kafir di pangperangan, maranéh ulah jicir ngacir (ninggalkeun) pakalangan. (QS. Al-Anfal : 15).
Kadua, jihad fardlu kifayah, nyaéta jihad dina raraga da’wah ka jalma kafir, pikeun méré kamaslahatan, ngalésotkeun manusa tina cangreud kamusyrikan jeung kakufuran, nyalametkeun maranéhna tina naraka, tur ngagungkeun kalimat Alloh, nu saeutik ogé lain hayang ngarebut nagri maranéhna. Ka maranéhna ditawarkeun Islam, atawa jangji damé, lamun tetep maranéhna teu daék waé nya geus pasti milih jalan pamungkas nyaéta perang, nepika wajib pikeun kaom muslimin nyanghareupan maranéhna. Upama ieu kawajiban da’wah téh geus dicumponan ku sabagian kaom muslimin nu mibanda kaparigelan, nya gugur kawajiban pikeun kaom muslimin nu séjénna.
Aya hambalan nu kawilang penting anu kudu diingetkeun ku urang saréréa, yén nu mibanda pancén jeung hak pikeun ngumandangkeun jihad téh éta ukur imam kaom muslimin. Ukur imam nu mibanda kawenangan pikeun nanjeurkeun jihad, ngatur tentara jeung pasukan, méré komando atawa ngangkat jalma séjén pikeun jadi panglima. Saban muslim dipahing pikeun jihad séwang-séwangan upama teu aya idin ti imam kajaba dina kaayaan keur diserang musuh, sabab maranéhna keur nyanghareupan saniskara nu ngabahayakeun.
Naon pangna saban muslim henteu bisa ngumumkeun jihad? Di antarana sabab jihad mah lain urusan nu énténg, tapi hiji masalah nu badag tur penting nu ngabutuhkeun sabeungkeutan paham, kakuatan, pangaturan jeung taktik stratégina, ogé ngabutuhkeun sasadiaan nu gedé.
Salian ti éta, ku lantaran jihad téh mibanda tujuan nu luhung, nyaéta  sangkan manusa téh ukur ibadah ka Alloh wungkul tur teu nyandingkeun Mantenna jeung naon-naon, luyu jeung tujuan da’wahna para Rosul.
Hayu urang ngadu’a ka Alloh mudah-mudahan Alloh ngajaga tur ngariksa ieu umat tur nancebkeun dina haté urang sadaya sumanget jihad jeung perjuangan sakaligus ngalungsurkeun pituduh katut élmu-Na, sangkan sakabéh usaha jeung ikhtiar urangét ajadi amal hadé tur ditampi ku Mantenna. Aamiin.