
Lahirna situs Jajaring Facebook, alhamdulillah parantos seueur jeung ageung manfaatna kango orang sadayana. Iyeu teh mangrupikeun jaringan sosial antar babaturan nu bisa ngahubungkeun babturan nu pernah deukeut dina waktu baheula. Dina harti jeung batasan tertentu, Facebook mangrupikeun hiji eksperimen sukses tina teori Six-Degree of Separation. Tentang kumaha kajadianna jeung nu kudu dicermati.
Kusabab loba narima ondangan keur reuni, suatu saat nalika hate nagbatin, ngahaleungis hayang nagpdate status di Facebook, “Naon ari makna dina Reuni?” lamun urang ngalakukeun, katingalina bakal loba jalma nu mikir nu teu puguh ku pamolah urang, tapi urang ngalakukeun kitu lain pedah teu boga alesan. Nyatana nu katingali, aya hiji reuni ngan wungkul eta reuni teh ngumpulkeun jalma-jalma tina riungan saeutik neupikeun saloba-lobana. Tina harti lain, reuni di dinya sabenerna ngan wungkul ngulang-ngulang memo-memo atawa kolektifisme esklusif dina mangsa baheula. Aya oge reuni anu ngan wungkul manggihkeun jalma-jalma nu can pernah papisah dina waktu lila. Memang euweuh hiji norma nu ngabatasi sakuduna waktu nu geus lila samemeh reuni diselenggarakaeun (jeung dasarna naon reuni diayakeun). Lamun geus kitu, urang mikir, naha jalma sabenerna neangan alesan wungkul keur ngumpulkeun atawa neangan vareasi tina kabosenan jeung kejenuhan tina sapopoe? Beda deui reuni nu direkayasa atawa ditumpangan ku kapentingan. Iyeu hal anu paling pikakeuheuleun. Inisiatorna memang geus nyanangkeun reuni, tapi manehna akhirna aktif dina acara eta reuni ngan wungkul keur meromosikeun bisnisna atawa pekeun kapentingan pribadina.
Sakadar conto laleur, raejun ngariung mungpulung bongkok ngaronyok dimana aya hiji hakaneun atawa kasebut nu bau-bau, Sireum teu eleh geleng sok ngarumpul dina mangsa aya hakaneun nu amis-amis. Teu siga babi leuweung ngariung teh rek pamor paloba-loba anak, lain siga meri rek ngagunukgunuk endog. Tapi teu kitu, da urang mah manusa teu bisa disakompetdaunkeun jeung sato, kusabab kitu naon atuh ari makna reuni ?
Urang lain rek sinis jeung kritis, tapi justru rek nyieun konsep pikeun ngajaga supaya reuni teh bisa tetep positif. Lho, naha reuni eta teu salilana positif ? atawa Bisa negatif ? Ceuk Urang: bisa! teu sakabeh jalma saruwa sacara psikologis. Aya bagian-bagian tina perkembangan anu teu salilana ngarahkeun kana jalan nu konstruktif. Bayangkeun we, aya jalma nu mungkin masih berat neudeun sifat dendamna nalika mangsa baheula, nu bener-bener jauh tiheulana. Terus lantaran hiji reuni, jalma eta papanggih deui. Aya hal-hal nu tina hirup ieu teu bisa bdipopohokeun tapi justru reuni malah sakabehna jadi balik deui kanu baheula. Mangka sakali deui urang nanyakeun, “Naon ari makna REUNI nu HAQIQI ?”
Urang lain rek sinis jeung kritis, tapi justru rek nyieun konsep pikeun ngajaga supaya reuni teh bisa tetep positif. Lho, naha reuni eta teu salilana positif ? atawa Bisa negatif ? Ceuk Urang: bisa! teu sakabeh jalma saruwa sacara psikologis. Aya bagian-bagian tina perkembangan anu teu salilana ngarahkeun kana jalan nu konstruktif. Bayangkeun we, aya jalma nu mungkin masih berat neudeun sifat dendamna nalika mangsa baheula, nu bener-bener jauh tiheulana. Terus lantaran hiji reuni, jalma eta papanggih deui. Aya hal-hal nu tina hirup ieu teu bisa bdipopohokeun tapi justru reuni malah sakabehna jadi balik deui kanu baheula. Mangka sakali deui urang nanyakeun, “Naon ari makna REUNI nu HAQIQI ?”

Keur kuring, reuni nyaeta hiji peristiwa anu teu kurang potensial jadi hiji piknik ka mangsa baheula jeung ngabangkitkeun ingetan-ingetan baheula tentang sagala hal nu baheula mungkin jadi pencetus tina hiji ataua sababaraha pola. Hmmm


OK, ku nuliskeun sakabeh kitu, naha ayeuna jadi cukup alesan pikeun urang supaya ngungkapkeun yen reuni mungkin penting pikeun kasehatan jeung perkembangan psikis urang ? Sakabeh jalma pasti boga masa heubeul, tapi tetep oge sugan reuni eta teu pikeun sakabeh jalma. Euweuh nu ngungkapkeun hade jeung gorengna, sabab aya hiji masa dina diri urang – kacida pisan beuratna – urang kudu tanggungjawab kana diri sorangan. Mangka datang atawa teu datang ka hiji acara reuni nyaeta kabebasan pikeun sakabeh jalma.
Mudah-mudahan reuni anu memang regresif eta bisa ku urang dimanfaatkeun pikeun ngalepaskeun rasionalisasi nu goreng tina mangsa baheula. Waktu nu ngubah segalanya, jeung sagalana memang pasti bakal rubah. Datang ka acara reuni pikeun sababarah urang bisa jadi konfrontasi, tapi hal nu kitu mangrupikeun konsientisasi anu nyehatkeun jeung ngabersihkeun.
Saurang teolog Amerika, Tryon Edwards (1809 – 1894), ngungkapkeun :Every parting is a form of death, as every reunion is a type of heaven. Satiap perpisahan mangrupikeun hiji bentuk kematian, saperti halna satiap reuni mangrupikeun sajenis surga. Jadi, naon atuh gunana reuni ?
Catatan: tulisan ieu teu berlaku pikeun maranehanan anu mengklaim yen masa laluna sampurna jeung terlalu ngabahagiakeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar