Kamis, 26 Agustus 2010

JUFE, JURIG FESBUK



Ku ASM. Romli

FACEBOOK (pésbuk) mingkin némbongkeun kayahudianna. Kitu réaksi spontan kuring, nalika maca iber aya lomba pikeun ngagambar kartun Nabi Muhammad dina situs Facebook (FB).  Grup FB ”Lomba Ngagambar Nabi Muhammad” tadi ngaranna “Everybody Draw Mohammed Day”.
Kompetisi atawa pertandingan ngagambar karikatur Nabi dina Facebook nu dingaranan “Everybody Draw Mohammad Day”, éta dikekentongan ku kartunis asal Amerika Serikat, Molly Norris. Ti saprak akal bulusna di uar-uar dina rohangan grup Facebook, sahanteuna geus aya 43.000 Facebooker nu jadi anggotana turta mintonkeun rupa-rupa kartun jeung video nu nyacampah jeung ngarurucah Nabi Muhammad Saw.
Kaom Muslim anu ngagunakeun Facebook ogé sarua nyieun group tandingan “Against Everybody Draw Mohammad Day”, pikeun neken Facebook sangkan nutup rohangan group nu dijieun ku si Norris. Golongan Muslim kiwari geus ngumpulkeun pangrojong nu lobana 60.000 anggota. Golongan-golongan leutik séjénna ogé nungtut sangkan ngaboikot Facebook minangka protés kana dipublikasikeunna rohangan “Draw Mohammad Day.”
Facebook dijieun ku hiji Yahudi-Amerika, Mark Zuckerberg, tur dipidangkeun ping 4 Februari 2004. Umat Islam ogé kungsi kekerot nahan amarah sabab FB kungsi nutup sajumlah akun Facebook nu midangkeun warna jihad jeung Islam.  Di antarana mah nyaéta grup Cyber Jihad Community.
FACEBOOK éta aya dina jajaran nu pangpunjulna tina daftar situs nu paling kawéntar di dunya. Data nu dirilis ku Comscore nétélakeun, situs “jejaring sosial” (social networking) ieu ngabetot teu kurang ti 115 yuta manusa nu nga-aksés dina saban bulanna. Malahan, dina bulan Novémber 2008 mah FB geus bisa ngabetot 200 yuta pangunjung antik ti sakuliah dunya.
Anu ngagunakeunna, leuwih ti 70 peresénna mah aya di luar Amérika Serikat. New York Times nyebutkeun Indonésia, Republik Céko, jeung Italia minangka contona. Situs pemeringkat web, Alexa, nempatkeun FB dina posisi nu pangluhurna (anu paling sering diaksés) ku para pangguna internét di Indonésia. Ceuk Alexa, Indonésia mangrupa puseur pangunjung nu panglobana ka-5 pikeun FB saba’da AS, Inggris, Prancis, jeung Italia.
FB bisa mawa mangpaat nu kawilang hadé pikeun digunakeun jadi lahan silaturahim, kaasup néangan babaturan boh nu heubeul atawa nu anyar di sakuliah dunya. Namung, umat Islam ogé kudu ati-ati kana “hidden agenda” (agénda nu nyamuni) tina FB, nyaéta mareuman kréativitas mikir, kréativitas nulis, jeung ngabiasakeun atawa ngabudayakeun “lagho” (heureuy), “lahwun”, narsisme (riya), jeung “la’ibun” (kaulinan).  Muslim nu hadé, saur Nabi Saw mah diantarana, nyaéta anu teu ngalampahkeun gawé-gawé anu kurang penting atawa anu kurang mangpaatna. Sanés kitu, Ustadz?
Situs Daily Mail (dailymail.co.uk) kungsi midangkeun hiji tulisan nu aya pakaitna jeung pangaruh goréng tina FB pikeun kaséhatan, utamana kaséhatan méntal. Dina artikel “How using Facebook could raise your risk of cancer” di Mail Online disebutkeun, situs jejaring sosial saperti Facebook éta ngabalukarkeun risiko nu gedé pikeun kaséhatan. Ditegeskeun, nyandu FB bisa nyababkeun lemahna ‘kekebalan’ badan, nurunkeun tingkat hormon, jeung fungsi urat nadi, ogé ngaruksak panampilan mental (impair mental performance). Leuwih jauhna, kacanduan FB ogé bisa ngaronjatkeun risiko katerap masalah kasehatan, saperti kanker, stroke, panyakit jantung, jeung pikun!
Kiwari kagiatan Facebooker mingkin mahabu. Maranéhna jaradi ”Jupe” wancahan tina ”Jurig Pesbuk”. Kuduna mah, umat Islam nu boga kamampuh, gura-giru nyieun tandingan pikeun éta situs FB, lain saukur ngancam atawa nu ngagunakeunna wungkul. Hayoh, saha anu mampuh? Wallahu a’lam. (www.romeltea.com).*  
Haréwos Bojong/BD 363

Ciri-Ciri Tobat Nashuha

Ambara: KH. Athian Ali M. Da’i

TOBAT éta nu nangtukeun jeung henteuna urang asup ka sawarga. Kecap tobat éta sering dipungkas ku dua sipat Alloh nu Maha Jembar ku Pangampura tur Maha Murah. Upama teu aya dua sipat Alloh Anu Maha Miheman tur maha Jembar ku pangampura, écés manusa moal mungkin bisa asup ka sawarga-Na sok sanajan mibanda amal nu loba tur tétéla.
Anu jadi pasualanana tobat nu kumaha nu bisa ditampi ku Alloh téh, sahingga tinekenan kana nu dimaksud nyaéta asup ka sawarga bari meunang pangampura jeung kahéman ti Alloh SWT?
Aya genep syarat nu kudu dicumponan ku saban jalma nu hayang tobat, tur ditampi tobatna ku Alloh SWT, nyaéta;
Kahiji, kudu sadar tur ngarasa kaduhung ku dosa-dosa nu geus dilakukeun.
Sadar jeung kaduhung ku pirang-pirang dosa nu geus dilakukeun, saperti sadar jeung kaduhungna Adam katut Hawa, éyang urang baheula. Saperti nu diriwayatkeun dina hiji hadits, nalika Adam katut Hawa ngarempak papagon Alloh ku mangrupa ngadahar buah Huldi, langsung sadar yén maranéhna téh geus ngarempak aturan jeung papagon Alloh ogé langsung kaduhung. Hal éta ku urang tiasa kaaos dina surat al-A’rof:23.
Pok duanana tamada, ‘Duh Gusti Pangéran abdi sadaya! Rumaos pisan abdi duaan parantos nganiaya diri abdi. Kumargi kitu upami Gusti henteu kersa ngahapunten abdi duaan, sareng Gusti henteu maparin rahmat ka abdi duaan, tanwandé abdi duaan kalebet jalma nu rugi”.
Zholim, kaniaya, éta lawan tina adil. Adil nyaéta nempatkeun hiji perkara lain dina tempatna, saperti maké kopéah dina sirah, sapatu dina dampal suku jeung réa-réa deui.
Nalika hiji jalma nyorang kahirupan bari patojaiyah jeung aturan katut papagon Alloh, éta sarua jeung geus zholim. Jalaran kitu upama urang kiwari di Indonésia hayang mibanda pamingpin nu adil, écés teu aya demi hukum Alloh teu ditanjeurkeun. Cindekna saban laku lampah nu ngarempak aturan Alloh éta kaasup zholim atawa kaniaya, naha zholim dina katégori dosa, musyrik atawa kapir. Demi musyrik éta ogé disebut zholim sakumaha nu disaurkeun ku Luqman ka nu jadi anakna, “Yeuh anaking! Omat hidep ulah nyakutukeun (naon baé ogé), ka Alloh, karana saéstuna ari syirik téh kaasup éstuning kazholiman nu pohara gedéna” (QS. Luqman: 13).
Kadua, kudu ngalobakeun dzikir jeung istighfar
Anu jadi hambalanana nyaéta Ali Imron ayat 135, nu hartosna; “(anu takwa téh) nyaéta jalma-jalma nu milampah kajahatan atawa nu nganiaya dirina, buru-buru inget ka Alloh, sarta terus ménta dihampura tina dosa-dosana, jeung saha deui nu bisa ngahampura dosa, salian ti Alloh. Jeung maranéhna henteu tonggoy milampah (kagoréngan), da maranéhna nyaraho”.
Demi istighfar téh ucapan urang saperti “Astaghfirullohal azhiim alladzii laailaaha illaa huwal hayyul qoyyuum wa atuubu ilaika”. Aya dua hadits nu dua-duana ogé shohéh, ngariwayatkeun yén Rosululloh istighfar dina sapoéna téh 70 kali. Dina hadits lain 100 kali dina sadinten sawengina. Jadi antara 70 sareng 100 kali, éta téh Rosul nu parantos di mashum, mustahil milampah dosa, naha keur naon atuh Rosul terus maca istighfar saloba kitu? Itung-itung nyindiran urang wé, “Rosul nu teu kungsi milampah dosa, saban poé maca istighfar 100 kali, anakitu mah urang kudu sabarakali tah maca istighfar dina saban poéna?
Aya bentuk istighfar nu kalintang dipikacinta ku Alloh SWT, nu disebut Sayyidul Istighfar, nyaéta:
Allohumma anta robbii, laa ilaaha illaa anta, kholaqtanii wa ana ‘abduka wa ana ‘alaa ahdika, wawa’dika mastatho’tu abuu- ulaka binimatika ‘alayya wa abuu-u bidzambii faghfirlii fainnahuu laa yaghfirudzdzunuuba illaa anta”.
Katilu, ‘Azam nyaéta niat nu buleud jeung tékad nu kuat.
Nalika ngalaksanakeun tobat ka Alloh SWT, manéhna mibanda niat nu buleud teu aya nu totolan, jeung tékad nu kuat saperti ku ucapan; “Ya Alloh abdi moal deui-deui ngalakukeun ieu dosa”. Minimalna nalika ngalaksanakeun tobat.
Kaopat, Kudu ngabuktikeun yén dirina téh sadar tur kaduhung ku ngaronjatkeun iman jeung amal sholéh.
Jadi hiji jalma teu cukup saukur ku sadar jeung kaduhung, loba dzikir jeung istighfar, jeung diwuwuh ku niat nu buleud, tapi ogé tobatna téh kudu dibuktikeun ku ngaronjatkeun iman jeung amal sholéh, upama téa mah saméméh tobat téh aranglangka ngalaksanakeun tahajud, nya kudu jadi getol tahajud, upama korét jadi béréhan. Jadi aya ronjatan iman jeung amal antara saméméh jeung sanggeusna tobat. Nu jadi hambalanana ku urang tiasa diaos dina surat al-Furqon ayat 70-71,
Kajaba jalma-jalma nu tobat, nu iman tur ngalampahkeun amal sholéh. Nya pikeun maranéhna mah Alloh bakal ngaganti kajahatan maranéhna ku kahadéan. Jeung Alloh Maha Jembar Pangampura tur Maha Asih. Jeung sing saha nu tobat tur ngalampahkeun amal sholéh, nya saéstuna manéhna enya-enya tobat ka Alloh”.
Jadi ngabuktikeun yén dirina téh bener-bener tobat ku cara iman jeung milampah amal hadé. Anu dimaksud ku iman jeung amal hadé atawa sholéh dina ayat di luhur nyaéta ngaronjatkeun iman jeung amal sholéh nu dilakukeun ku dirina.
Kalima, tobat teu dilakukeun nalika sakarotul maut datang.
Demi upama tobat dilakukeun nalika sakaratul maut datang, éta taya hartina, sabab dina saat sakarotul maut mah tos teu aya deui ujian pikeun kaimanan, ogé sakabéh tabir alam ghoib geus dibuka. Nalika sakabéh tabir atawa tutupan alam ghoib dibuka mustahil aya jalma nu teu daék tobat. Sakabéh jalma bakal langsung tobat upama pirang-pirang kajadian nu bakal tumiba jeung karandapan ku dirina geus ditémbongkeun ka dirina.
Contona saperti Fir’aun. Fir’aun éta manusa eusleum nu ngaku jadi pangeran nu dibéré pirang-pirang pépéling ku Alloh masih tetep nampik. Nalika ngudag-ngudag Nabi Musa katut jalma nu ariman ka tengah laut nu beulah, sedengkeun Fir’aun katut bala tentarana masih ditengah laut jeung cai ngahiji deui, harita nalika sakaratul maut datang ka manéhna, dibukakeun ka manéhna tabir alam ghoib, katingagali ku dirina golongan malaikat nu rék nyiksa dirina, tur manéhna ogé nyaho bakal jadi pangeusi naraka jahannam, nya harita manéhna nyalukan; “Ayeuna mah kuring bener-bener iman ka Pangéranna, nu teu aya deui Pangéran anging Mantenna, sakumaha nu diimanan ku Bani Isroil jeung kuring ayeuna mah kaasup golongan jalma nu sumerah diri”. Jadi, nalika sakaratul maot datang, nya lawang tobat geus ditutup.
Kagenep, upama dosa téh salian ti ka Alloh ogé aya pakaitna jeung sasama, nya leuwih tiheula kudu ngaréngsékeun heula urusanna jeung sasamana.
Nu jadi hambalanana nyaéta surat Ali Imron ayat 135, dina éta ayat dosa dibédakeun antara dosa faahisyah jeung dosa ngazholim diri sorangan. Jadi, dosa téh aya nu disebut faahisyah, saperti, nipu, maling, ghibah, ngarampog, maténi, zinah, korupsi jeung réa-réa deui, ieu dosa lain saukur ka Alloh wungkul tapi ogé dosa ka sasama, demi aya jalma atawa pihak séjén nu dirugikeun ku dirina. Jeung pangloba-lobana jinis dosa téh ayana dina hambalan nu ieu.
Sedengkeun dosa ngazholim mah nyaéta dosa nu upama dilakukeun téh nu rugina saukur diri jalma nu ngalakukeunana, nu séjénna mah teu kajiret, saperti nu dilakukeun ku Nabi Adam katut Hawa nu nuang buah Huldi, demi teu aya nu dirugikeun saurang ogé ku dosana. Atawa hiji jalma teu ngadegkeun sholat, shaum, nu rugi téh saukur dirina sorangan.
Prosés tobat tina dosa zholim ka diri sorangan saperti dosa teu ngalakukeun sholat, teu shaum éta kawilang gampil, kari dirina ka Alloh langsung, sedengkeun dosa fahisyah mah teu bisa kitu, upama hiji jalma nganyenyeri nu jadi tatangga, upama rék tobat leuwih ti heula kudu ngaréngsékeun heula jeung nu jadi tatanggana, saba’da kitu kakara ngadu’a atawa tobat ka Alloh.
Jalaran kitu, dosa fahisyah mah leuwih baha tur beurat batan dosa ngazholim ka diri sorangan, demi dosa fahisyah mah aya pakuat-pakaitna jeung hak jalma séjénna. (Alma’/BD).*

ADAB ‘AMAR MA’RUP NAHYI MUNKAR

Ku Dr. KH. Miftah Faridl
HIJI MUSLIM mibanda kawajiban pikeun ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar. Haditsna jelas pisan: “Sing saha jalma nu ningali kamunkaran, prak robah kamunkaran téh ku leungeunna, atawa kakawasaan. Upama teu bisa ngarobah ku kakawasaan prak robah ku lisanna, ucapan atawa dina wanda tulisan, lamun masih kénéh tetep teu bisa ngarobah prak robah ku haté”, maksudna teu ridlo, teu satuju, teu ngabantu kana kamunkaran. Malahan ngadu’a sangkan kamunkaran téh leungit.

Dina al-Quranul Karim, loba pisan ayat-ayat nu maparin paréntah, sangkan urang nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi munkar. Jadi, ‘amar ma’ruf nahyi munkar éta Fardlu ‘ain atawa kawajiban saban pribadi muslim. Manéhna wajib ngalaksanakeun sholat, ogé mibanda kawajiban pikeun ngajak nu séjén sangkan daék ngalaksanakeun sholat. Manéhna wajib ngaluarkeun zakat, ogé wajib ngajak nu séjén pikeun ngalaksanakeun zakat jeung nu séjén-séjénna.
Pon kitu deui, hiji muslim dipahing, upamana nginum arak, kusabab kitu manéhna ogé mibanda kawajiban pikeun negah jalma séjén tina nginum arak. Dicaram jinah, ogé kudu bisa negah nu séjén sangkan teu jinah.

Jadi, amar ma’ruf nahyi munkar éta lain saukur kawajiban hiji ustadz atawa mubaligh wungkul, tapi kawajiban saban pribadi muslim. Dugika Nabi sasauran: “Upama hiji jalma miceuceub kamunkaran, tapi teu bisa ngarobah boh ku kakawasaanana, ku leungeunna, ku lisanna, saukur ku haténa wungkul, teu ridlo éta kaasup “’Adl’aful iman”, golongan manusa nu imanna paling lemah.
Jadi, upama ku haté ogé geus teu mampuh mangka mibanda harti iman nu lemah ogé geus teu ngancik dina dirina. Nalika jadi hiji mumin manéhna mibanda kawajiban pikeun ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar.
Mémang, salian ti amar ma’ruf nahyi munkar téh hiji kawajiban pribadi ogé bisa dilaksanakeun ku hiji lembaga, organisasi, wadah nu ngahususkeun diri kalawan daria ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar, saperti nu dilaksanakeun ku lembaga-lembaga da’wah salila ieu. Jalaran kitu, amar ma’ruf éta aya nu fardlu kifayah ogé aya nu fardlu ‘ain, amar ma’ruf nahyi munkar éta kaasup fardlu ‘ain, saban pribadi mibanda kawajiban ngalaksanakeun atawa nanjeurkeun amar ma’ruf nahyi munkar.
Amar ma’ruf nahyi munkar ogé bisa dihartikeun, minangka solusi atawa jalan kaluar tina hiji pasualan. Upamana, urang nyaram nu séjén pikeun nongton tv jorok, hiburan awuntah éta kaasup nahyi munkar, bari amar ma’rufna, urang kudu méré bongbolongan, atawa alternatif. Jadi upama ukur nahyi munkar wungkul bari teu dibarengan ku solusi (bongbolongan) sarua jeung teu maparin solusina. Amar ma’ruf éta lain ukur nitah kana kahadéan, tapi ogé maparin jalan kaluarna atawa alternatifna supaya teu kalibet kana kamunkaran.
Pikeun ngalaksanakeun amar ma’ruf éta moal loba pisan totonden jeung risikona, sabab saban jalma bakal miharep, jadi énténg-énténg baé, upama diajak atawa dititah pikeun milampah kahadéan, moal matak kasigeung. Sawangsulna nalika nahyi munkar tangtu bakal loba nu kasigeungna. Nyaram mabok, riba, narima suap, korupsi jeung saniskara laku lampah nu teu uni. Ieu, biasana baris ngalahairkeun réaksi. Jalaran kitu, aya atikan dina agama, kumaha carana sangkan urang bisa nyaimbangkeun atawa nyarasikeun antara sumanget silaturrahim jeung sumanget nahyi munkar. Urang ulah ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar tapi megatkeun silaturrahim, ngantebkeun silaturraim tapi ngamandulkeun amar ma’ruf nahyi munkar. Sangkan teu kasigeung, sangkan teu loba nu nyeri haté, leuwih hadé ulah opénan, kitu peta némbongkeun silaturrahimna dipupusti, tapi ngamomorékeun nahyi munkar.
Pon kitu deui, urang tos biasa ngalaksanakeun nahyi munkar, nyaram kajahatan, tapi kusabab carana kurang hadé, kurang wijaksana, atawa arif, antukna silaturrahim jadi pegat. Anu hadé mah nyaéta narékahan sangkan wangunan silaturrahim tetep diraksa, jaga, tapi nahyi munkarna ogé lumangsung mayeng. Jalaran kitu, aya ajaran-ajaran dina agama ngeunaan cara-cara nu hadé, upamana nalika da’wah aya “bilhikmah wal mauzhotil hasanah”, jeung muzadalah, diskusina ogé billatii hiya ahsan, atawa ku jalan nu hadé.
Atawa nalika ngalaksanakeun nahyi munkar téh nu jadi katangtuan-katangtuan (koridor-koridor) syara’na tetep dicumponan, upamana baé teu meunang ngahina, teu ngarurucah, teu nyacampah pangeran maranéhna, teu meunang kasar, ngalandi ku landian-landian nu teu hadé, salian ti éta ogé kudu ngeliran nahyi munkar ku cara nu hadé.
Mémang, nahyi munkar téh kaasup gawé baha pikeun dilaksanakeun, sabab nabi nyalira nalika maparin conto minangka jalma hadé, teu sirikna saban jalma satuju nepi ka ngaladi al-amin, tapi nalika nabi nyaram jalma pikeun nyembah batu, tapékong, ngadak-ngadak jadi aya musuh. Nu jadi kasang tukangna aya patula-patalina jeung nahyi munkar. Teu meunang mabok ogé aya nu ngamusuhan, sabab tukang mabok jadi kausik. Nalika nyaram jalma sangkan teu ngalakukeun kajahatan-kajahatan, nya jalma-jalma nu jarahat jadi kasigeung jeung kagareuwahkeun. Éta rupa-rupa totonden téh ku urang kudu dipernahkeun minangka hiji risiko tina perjoangan, bari tetep satékah polah narékahan pikeun ngaminimalkeun risiko. Upama, risikona geus kitu, urang kudu tetep sabar. Sing sabar ku risiko, upama téa mah tetep teu bisa dibébérés jalan saterusna nyaéta hijrah, pindah dumuk, saterusna bisa ku ngayakeun sangsi-sangsi nu tangtu.
Amar ma’ruf nahyi munkar, éta kudu tetep jadi hiji paket nu teu bisa dipisah-pisahkeun, demi al-Quran ku anjeun maréntahkeun kitu, teu bisa dipisah-pisahkeun. Jalma mumin mah dina al-Quran ogé ditétélakeun minangka golongan nu “Ya’muruuna bil ma’ruf wa yanhauna ‘anil munkar”, jadi tetep hiji paket. Wani nanjeurkeun amar ma’ruf, nya kudu wani nahyi munkar. Mibanda kawani pikeun nahyi munkar ogé kudu wani amar ma’ruf. Ari jalma munapek mah disebatkeun dina wanda; “Yamuruna bilmunkar wa yanhauna ‘anil ma’ruf”, écés pisan yén sipat jalma munapék mah sok jadi cukang nu ngaluluguan kana kajahatan tur ngahalang-halang kana kahadéan. Jadi, dijadikeun patojaiyah ku al-Quran. Upama jalma mumin mah amar ma’ruf nahyi munkar, ari jalma kapir mah amar munkar jeung yanhauna anil ma’ruf.
Dina nanjeurkeun nahyi munkar éta mibanda tahapan-tahapan nu kudu dilakonan, nyaéta;
Kahiji, Kudu aya paksaan ku kakuatan hukum, saperti ngalaksanakeun hukum pidana, éta mangrupa paksaan ti pamaréntah, pamaréntah bisa maksa hiji jalma pikeun digawé upama mumul digawé. Nu jadi kolot meunang neunggeul nu jadi anak umur sapuluh taun, upama nu jadi anak mumul ngalaksanakan sholat, atawa nu jadi salaki dimeunangkeun pikeun neunggeul pamajikanana, upama nu jadi pamajikan téh milampah nusuj, teu bisa dinaséhatan.

Kadua, Kapaksa. Kapaksa, mangrupa hiji kaayaan kondusip nu diciptakeun nepi ka hiji jalma teu mibanda lolongkrang pikeun milampah kamunkaran, sabab teu aya lolongkrangna. Hiji jalma bakal inggis pikeun miceun runtah di jero masjid, sabab masjidna beresih, sawangsulna nalika ka jalan, tur ningali runtah nambru, nya manéhna jadi jorok sabab teu kondusip, jadi ngajadikeun hiji jalma kapaksa pikeun nyinglarkeun diri tina kamunkaran.
Katilu, Kudu ngalahirkeun budaya biasa, upama geus biasa bakal jadi ni’mat nu baris ngajurung kana jadi karasa.

Jadi dipaksa, kapaksa jeung biasa nepi ka karasa alatan ni’mat, saperti nimat tahajud, ni’mat nulungan jalma séjén, ngarasa bagja upama bisa ngénténgkeun bangbaluh nu karandapan ku nu séjén, éta nu paling éndah. (Alma’/BD)

NGALANGGENGKEUN UKHUWAH ISLAMIYAH

Ambara: Dr. K.H. Miftah Faridl.
SALAH sahiji pasualan umat jaman kiwari nu kudu jadi perhatian jeung dikungkulan ku urang saréréa kalawan daria nyaéta pasualan ukhuwah Islamiyah. Demi ukhuwah Islamiyah, mangrupa akhlak Islam nu jadi tatapakan nu kawilang penting masarakat Islam saba’da tauhid, ngaésakeun Alloh Swt. Ukhuwah atawa tataliwarga éta mangrupa ciri utama hiji masarakat Islam ogé munggaran tina hiji pangwangunan jeung nu pangraket penting tina kasatuan jeung persatuan umat. Salian ti éta tataliwarga ogé mangrupa prasarat penting dina ngajanggélékkeun harkat jeung martabat ogé kakuatan sakaligus ngarupakeun syarat pikeun ngahontal kasuksésan jeung kameunangan umat Islam. Ukhuwah jeung tataliwarga éta wasilah utama pikeun Izzul Islam Wal Muslimin, jalan pangdeukeutna pikeun meunang pangampura katut Ridlo Alloh SWT. Nu jadi cukang regas tur anggangna tataliwarga ieu diantarana tahap kaélmuan jeung kakayaan diantara urang saréréa. Perbédaan ijtihad, pamahaman, pamanggih jeung pamadegan ogé sakapeung jadi cukang pikeun nganteurkeun urang kana kurang dalitna hubungan diantara urang nu antukna ngaganggu kana tataliwarga urang sadaya. Hakékatna éta kabéh aya dina jiwa jeung méntal urang nu can bisa sagémbléngna tur daria dina énggoning ngalaksanakeun ajaran Islam ngeunaan tataliwarga. Pidawuh Alloh,  “Jeung mumin katut muminat, sabagian ti maranéhna nulungan nu sabagianana deui. Maranéhna nitah ngajurung milampah ma’ruf jeung negah milampah munkar, sarta ngadegkeun sholat, nyumponan zakat, jeung taat ka Alloh, katut ka Rosul-Na. Maranéhna téh ku Alloh baris dipaparin rohmat, karana Alloh téh Maha Gagah tur Maha Wijaksana”. (QS Attaubah. 71) Dina hiji hadits Rosululloh SAW. maparin hiji gambaran nu kalintang éndah, dina ngalarapkeun tataliwarga, sakumaha dawuhanana, “Misilna jalma-jalma mumin jeung mumin séjénna dina silih pikanyaah, pikahéman téh lir ibarat hiji awak, upama salah sahiji anggahota awak aya nu nyeri, mangka anggahota nu séjénna ogé milu muriang”. (HR Bukhori Muslim) Sagala rupa nu didawuhkeun ku Rosululloh SAW éta lain saukur papaés pidato jeung kelir omongan wungkul, tapi mémang geus dibuktikeun tur dipraktékkeun dina kahirupan anjeunna katut para sahabatna sapopoéna. Dawuhan Rosululloh SAW éta mangrupa gambaran tina masarakat nu diwangun ku anjeunna waktu harita, nu tangtuna ogé kudu jadi kanyataan dina masarkat Islam kiwari. Kalintang éndahna tataliwarga nu diwangun ku Rosululloh SAW katut para sahabatna baheula. Maranéhna parantos bisa nyingraykeun rérégéd panatisme golongan jeung asal katurunan.  Béda palebah harta pakaya teu matak ngajadikeun maranehna ngalaman konplik sosial, teu matak pindah pileumpangan, sombong alatan harta jeung pakaya ogé iri dengki pédah nu séjén boga harta pakaya. Padahal maranéhna ngahiji jeung ngabeungkeut dina wangunan ukhuwah ieu mibanda kasang tukang pamahaman, pendapat, sosial ékonomi jeung watek katut témpréman nu rupa-rupa. Ukhuwah lain dina harti kudu sapamadegan dina sagala urusan. Kitu deui lain kudu ngahiji dina hiji wadah organisasi, boh ormas atawa pulitik, ogé lain kudu sarua rasa jeung rata dina widang ékonomi jeung kakayaan. Aya sababaraha jalan pikeun ngawujudkeun ukhuwah ieu diantarana,Kahiji, Urang kudu siap pikeun nyingraykeun pendapat diri sorangan tur nuturkeun pendapat nu séjén, upama pendapat nu séjén téh ditatapakan ku al-Quran katut Hadis shohéh, bari pendapat urang mah teu didadasaran ku dalil nu bisa dipertanggung jawabkeun.  …… Upama maranéh pasalia paham ngeunaan hiji perkara, geura pulangkeun éta perkara téh ku maranéh ka Alloh jeung ka Rosul-Na….. (An-Nisa: 59) Upama téa mah dina gempungan diskusi teu bisa ngaréngsékeun pasualan kalawan tuntas alatan pasalia paham, jeung masing-masing pihak ogé mibanda alesan nu diyakinkeun bebeneranana luyu jeung pituduh syara, ku kituna urang kudu siap pikeun pasalia paham, sikep jeung pamadegan “Lanaa ‘amaluna wa lakum ‘amalukum”, pikeun kami amal kami jeung pikeun maranéh amal maranéh. Kadua, Siap pasalia paham pikeun ijtihad. Upama urang mibanda pameunteun nu béda ngeunaan kamaslahatan hiji pasualan dumasar kana tinimmbangan akal pikiran atawa pangrasa jeung pangalaman masing-masing, nu kieu geus asup kana hambalan ijtihadiyah.  Musawaarah dina ngaréngsékeun ikhtilafiyah ijtihadiyah éta mangrupa hiji ikhtiar paréntah Islam. Jalaran kitu, nganyahokeun jeung sadar kana bakal ayana ikhtilafiyah ijtihadiyah furuiyah éta mangrupa sikep Islami. Ijtihad minangka ikhtiar akal pikiran manusa nu aya pakaitna jeung masalah katangtuan syara, nu bebeneranana dina waktu kiwari bisa ditarima acan karuhan bener dina mangsa nu bakal datang, pasalia paham dina hiji mangsa acan tangtu béda dina mangsa nu bakal datang. Jalaran kitu ukhuwah kudu tetep nanjeur sok sanajan pamadegan jeung paham geus béda. Katilu, Béda dina mibanda harta pakaya kudu ngayugakeun kaakraban. Béda tingkat ékonomi éta mangrupa sunnatulloh nu teu bisa disinglarkeun; Saéstuna Pangéran hidep ngajembarkeun rejeki ka sing saha nu dikersakeun ku Mantenna, sarta ngaheureutkeun keur sing saha nu dikersakeun ku Mantenna, jeung saéstuna Mantenna Maha Uninga tur Maha Ningali ka abdi-abdi-Na. (bani Isroil : 30).Kaopat. Ngamalkeun Akhlak Islam. Kaasup hambalan nu kawilang penting dina énggoning ngawujudkeun ukhuwah Islamiyah, nyaéta  kamampuhan masing-masing pikeun nyinglarkeun dirina tina rupa-rupa sikep nu bisa ngarenggangkeun tataliwarga jeung nu bisa ngagénjlongkeun tatapakan ukhuwah. Tegesna nanjeurna akhlakul karimah, akhlak ukhuwah Islamiyah. Nu jadi cukang héngkérna ukhuwah Islamiyah, nyaéta héngkérna akhlakul karimah. Krisis ukhuwah éta balukar tina héngkérna akhlakuk karimah. Salila akhlak ukhuwah kuat, pasalia paham atawa pamadegan dikalangan umat éta moal ngabalukarkeun mahabuna pacéngkadan jeung patukangtonggong. Sikep jeung tarékah nu kudu dipibanda tur jadi ciri muslim sangkan ukhuwah Islamiyah tetep ngagedur dina dirinya, ku al-Quran diécéskeun, nyaéta,a.       Husnudzon, hadé sangka ka papada muslim. b.      Tabayyun, milih jeung ngawilah-wilah pirang-pirang iber jeung béja nu datang.c.       Silih papagahan jeung tausiahan, silih naséhatan, jeung silih élingan.d.      Islah, tarékah jeung ihtiar pikeun pikeun mémérés nu kurang merenah.e.       Silih ajénan jeung papada manusa.f.        Silaturrahim jeung sasama. Ku silaturrahim hiji muslim bisa nepungkeun tataliwarga jeung duduluran ogé sakaligus ngaleungitkeun rupa-rupa hahalang jeung karumeuk. Ku silaturrahim hiji muslim bisa ngalaksanakeun tabayyun katut islah, tausiah jeung amar ma’ruf nahyi munkar sakaligus. Loba pasualan-pasualan nu kawilang baha tur rumeuk bisa diungkulan ku jalan silaturrahim, padahal ku cara resmi mah hamo bisa diréngsékeun jeung dikungkulan.  Nalika Rosululloh SAW ditaros ngeunaan panghadé-hadéna manusa mungguh Alloh. Rosul ngawaler kalawan teges, manusa nu paling hadé mungguh Alloh SWT mah nyaéta nu paling takwa ka Mantenna, nu daria nepungkeun silaturrahim ogé  jalma-jalma nu ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar. *** (Alma’/BD).    

Tanda Cinta Rosul

* Laporan Utama BD 359

Cover BD 359 Februari 2010

“Saéstuna keur maranéh aya conto anu hadé di Rosululloh, pikeun jalma-jalma anu miharep Alloh jeung poé ahir tur anu loba aringet ka Alloh.” (Q.S. Al-Ahzab:21)
ALKISAH, dina runtutan Perang Salib (1095-1291), pasukan Islam ngarandapan “lesu darah” atawa tumpurna sumanget pikeun perang. Panglima perang pasukan Islam harita, Shalahuddin Al-Ayubi, ngarasakeun kondisi psikologis anggahota pasukanna nu matak prihatin.
Tangtu baé, Al-Ayubi –Muslim Turki Saljuk katurunan Kurdi — kudu narékahan cara pikeun ngagedurkeun jeung ngahudangkeun deui sumanget juang (ruhul jihad) anu geus mimiti melempem ti pasukanna. Nya, lahir ideu pikeun ngayakeun acara miéling poénan babarna (maulid) Nabi Muhammad Saw. Diingetkeun deui kumaha Nabi Saw bajuang bari teu nolih kacapé, sok sanajan euyeub ku harungan jeung halangan, gogoda, jeung ancaman, pikeun nanjeurkeun syi’ar Islam ieu ieu bumi.
Disawang kumaha Nabi Saw katut para sahabatna berkorban naon baé demi ngabéla agama jeung umat Islam tina serangan musuh-musuh Alloh. Sok sanajan kudu nandonkeun nyawa (maot toh pati jiwa raga), nya anu bakal kasampeur téh taya lian anging maot syahid kalayan sawarga nu jadi ganjaranna.
Al-Ayubi bisa ngala hasilna. Ngaliwatan miéling maulid, pasukan Islam mibanda ruhul jihadna deui, ngawarisan sumanget juang nu salawasna ngagedur dina diri Rosululloh Saw katut para sahabatna, sahingga pasukan Islam mampuh ngéléhkeun pasukan Salib di sajumlah front pangperangan.
Miéling maulid Nabi Saw, numutkeun Ensiklopedi Islam (1987:88), éta diluluguan ku Raja Muzhaffar Abu Sa’id, panguasa Kota Ibrik di Irak (Abad VI H).
Jigana, urang kudu nulad ka Al-Ayubi. Lamun “Sang Pembebas Jerusalem” ieu mampuh ngahurungkeun jeung ngahudangkeun deui sumanget pikeun ngabéla Islam, nepika pasukan Islam jadi gagah rongkah, nya geus tangtu “tradisi maulid” nu sok diayakeun ku umat Islam kiwari ogé kudu saperti kitu: ngahudangkeun rasa cinta ka Rosululloh Saw, nulad akhlak katut watekna, jeung numuwuhkeun sumanget pikeun ngabéla Islam.
KU sumanget juang nu nyongcolang, ruhul jihad anu terus ngagedur, Nabi katut para sahabatna, mampuh ngabéla éksistensi syi’ar Islam di ieu bumi. Nabi Saw mampuh nandangan siksaan fisik jeung psikis dina nalika ngada’wahkeun Islam. Hinaan, pangrurucah, malahan ancaman fisik disorang kalayan sabar. Pangbibita atawa sogokan –nu mangrupa harta banda jeung kakawasaan – ogé ditampik, demi kajayaan Islam wungkul. Konci kaunggulan Nabi Saw éta taya lian anging kaimanan, optimisme, kasabaran, jeung kayakinan kana bakal ayana pitulung ti Alloh SWT Anu Mahakuat tur Maha Kawasa.
Sagala rupa cocoba anu karandapan Nabi SAW katut para sahabatna ogé karandapan ku umat Islam saba’da aranjeuna. Tarékah pikeun mareuman cahaya Islam terus taya reureuhna. Ku sagala rupa cara, maranéhna nu ceuceub ka Islam katut umatna terus néangan tarékah pikeun mareuman cahaya agama Alloh, ngaliwatan fitenah, hinaan, nyasarkeun pamikiran, malahan ku cara ngajajah jeung ngarampog nagrina atawa invasi saperti anu karandapan ku kaom muslimin di Irak.
Umat Islam geus tangtu kudu nulad Nabi Saw dina nanjeurkeun syi’ar Islam: pangtang serah bongkokan, euyeub ku kasabaran, jeung maju terus ku sumanget juang nu terus ngagedur, plus kayakinan kana datangna pitulung Alloh SWT. Islam lain saukur kudu di yakinkeun jeung diamalkeunwungkul, tapi ogé kudu dida’wahkeun jeung dibéla.
Pangbéla ka Islam dina prungna dilaksanakeun éta kudu luyu jeung kamampuh (kompéténsi) masing-masing umat. Ti mimiti saukur ngadu’a, démonstrasi, nganapakahkeun harta pakaya, ngawangun opini jeung counter-opini, nepika makalangan langsung di medan pangperangan.
Nulad akhlak Rosul, nuturkeun sunnahna, jeung terus ngagedurkeun sumanget dina nalika ngabéla Islam éta mangrupakeun tanda cinta anu sajati ka Nabi Muhammad Saw. Sholwat ka anjeuna ogé kaabus tanda cinta, tapi kudu dilakukeun kalawan bener jeung teu kaleuleuwihi mana komo bau-bau khurofat mah. Rosul nyalira nampik pikeun dikultuskeun, saperti dawuhan anjeuna
“Poma arandika ulah kaleuleuwihi dina muji ka kaula, saperti geus kaleuleuwihina urang Nasroni dina muji (Isa) putera Maryam. Kaula mah saukur abdi Alloh, kumargi sakitu pok ucapkeun ku arandika, ‘Abdullah wa rasuluhu (hamba Allah katut Rosul-Na)’.” (HR Bukhari sareng Muslim).Wallahu a’lam.* (ASM. Romli/Pangjajap Laput BD 359).*

Sholat Ngaberesihan Kokotor Diri

Hadirin Rohimakumulloh!

DINA ieu kasempetan, kuring ngajak sakumna jama’ah, hususna diri khotib sorangan pikeun terus ngaronjatkeun katakwaan diri urang sadaya ka Alloh SWT, nyaéta ku ngalobakeun amal ibadah bekel pikeun madep Ilahi Robbul Jalil. Jeung ngalaksanakeun sagala rupa paréntah-Na ogé ninggalkeun sagala rupa nu dicaram-Na.
Dawuh Alloh;
“….jeung maranéh kudu bebekelan, ari bekel anu panghadé-hadéna nyaéta takwa. Ku kituna, maranéh kudu tarakwa, yeuh jalma-jalma nu baroga pikiran!” (al-Baqoroh : 197)
Kaom muslimin Rohimakumulloh!
Urang kumalendang di ieu alam téh lain saukur keur mentingkeun urusan dunya baranah wungkul sabab urusan ukhrowi éta kawilang penting. Kahirupan dunya kawates ku umur jeung waktu, jeung dina mangsana urang bakal balik ka alam nu langgeung anu teu kawates ku waktu. Sakabéh amal urang sadaya salila jumeneng di dunya bakal dipénta tanggung jawabna, sabab sagala rupa amal kiwari éta ngarupakeun tabungan akhérat.
Kabagjaan di dunya éta bisa dihontal ku cara soson-soson urang digawé tur hasilna bisa dirasakeun salila urang jumeneng, boh dina wanda harta banda atawa anu saukur dirasakeun ku batin. Sawangsulna kabagjaan akhérat éta teu nembrak kiwari, tapi bisa dihontal ku jalan ngaikhlaskeun diri dina ibadah nu khusyu dina sholat jeung nyinglarkeun diri tina sagala rupa nu dibenduan ku Alloh SWT.
Hadirin Sidang jum’ah Rohimakumulloh!
Nalika sora adzan geus kadéngé, ngalanglaeu pikeun ngagero manusa nyumponan panimbalan Alloh. Upama sora adzan abus kana haté jalma nu bener-bener iman, lep haténa téh bakal ngalenyap jeung sieun, kasawang bari témbras sagala rupa kaagungan jeung kamahakawasaan Alloh SWT. Antukna ku haté nu pepek ku rasa sieun jeung ikhlas, manéhna bakal gura-giru nyumponan panggero ti Alloh, manéhna nguculkeun sagala rupa urusan dunyana pikeun sujud madep ka Alloh SWT.
Dawuh Alloh;
Padahal maranéhna henteu ditimbalan, salian ti supaya ibadah ka Alloh, kalawan ikhlas ngalaksanakeun agama karana Mantenna jeung nyingkahan lampah sasar, sarta ngadegkeun sholat, nyumponan zakat, sabab éta téh agama nu lempeng. (al-Bayyinah : 5)
Bakal béda pisan jeung jalma-jalma nu jauh tina hidayah jeung taopék Alloh SWT. Sora adzan téh ku maranéhna mah bakal dianggap sora nu biasa, sora adzan nu ngalanglaeu saeutik ogé teu matak ngoét kana haténa pikeun nyumponan panggero Alloh SWT. Teu bina ti omongan, asup kana ceuli kénca kaluar tina ceuli beulah katuhu, bari teu aya pangaruh naon-naonna saeutik ogé kana dirina. Ceulina geus torék ku panggero Alloh, panon haténa geus lolong ku panggero adzan. Nya kitu pisan haténa jalma nu geus nutup tina inayah jeung hidayah Alloh SWT.
”Sanggeus maranéhna, nya datang gantina, jalma-jalma nu naringgalkeun sholat, jeung anu ngalajur hawa napsuna. Ku kituna maranéhna bakal digebruskeun kana naraka Jahannam”. (Maryam : 59).
Jalma nu sombong, éta lain saukur ku némbongkeun harta pakaya, atawa anu agul ku kalungguhan jeung sajabana. Tapi jalma nu teu daék ngalaksanakeun sholat ogé bisa disebut jalma nu kawilang sombong. Naha maké jeung kitu?
Apan Alloh nu parantos ngayugakeun diri manéhna tina sagumpal getih jeung daging nepika jadi manusa, tapi manéhna mumul nedunan panggero Alloh. ”Adegkeun ku maranéh sholat pikeun dzikir ka Kaula”.
Tina ayat tadi kapaham, urang sadaya diwajibkeun ku Alloh pikeun ngadegkeun sholat téh kalayan tujuan éling ka Mantenna. Sabab ku sholat urang sadaya satékah polah ngadeuheuskeun diri jeung éling ka Mantenna, sholat éta mangrupakeun kawajiban pikeun hiji muslim. ”Jeung Kaula henteu nyiptakeun Jin jeung Manusa kajaba pikeun nyembah ka Kaula”.
Dumasar kana ayat tadi, nya mangrupakeun kawajiban urang pikeun babakti jeung nyembah téh saukur ka Alloh wungkul. Ku nyumponan sholat lima waktu dina sapoé sapeutingna minangka ciri pangabdian urang ka Alloh al-kholik.
Kaom muslimin Rohimakumulloh!
Kadang-kadang jalma nu henteu ngalaksanakeun sholat téh éta lain ku alatan teu apal yén sholat téh tihangna agama. Malah bisa jadi dirina nyaho yén sholat téh bisa negah tina kajahatan jeung kamungkaran. Dawuh Alloh
….. Satemenna sholat téh nyegah tina ngalampahkeun kajahatan jeung kamungkaran, jeung saéstuna dzikir ka Alloh téh leuwih agung (tibatan naon-naon). Jeung Alloh Maha Uninga kana saniskara nu ku maranéh dilampahkeun”. (al-Ankabut : 45).
Dina hiji waktos Rosululloh Saw nalék ka para sahabatna;
Cik kumaha ceuk pamanggih maranéh, lamun téa mah di lawangeun panto imah maranéh aya hiji walungan nu maranéh mandi dina saban poéna lima kali. Naha bakal aya kénéh kokotor anu napel dina awak maranéh? Para sahabat ngawaler, ”Tangtos baé moal aya, Ya Rosululloh”. Rosul ngadawuh; ”Tah kitu misilna sholat lima waktu ogé, ku sholat lima waktu Alloh mupus kasalahan”. (Mutafaq ’alaih).
Manusa mémang pinter, maranéhna bisa ngajadikeun waja nu tilelep, jadi hiji kapal nu bisa ngangkut barang-barang nu beurat.
Maranéhna bisa ngajadikeun waja nu beurat jadi kapal nu bisa kakalayangan hiber di jomantara. Tapi hanjakal loba anu teu pandé syukur ka Alloh kana pirang-pirang ni’mat-Na, teu ngaluangkeun waktu pikeun sujud sumerah ka Mantenna.
Barokallohu lî walakum fil qurânil ’azhîm. Wa nafa’ani wa iyyâkum bimâ fîhi minal âyati wa dzikril hakîm. Aqûlu qoulî hâdza wa astaghfirullôhal azhîma lî walakum.  Innahû huwal ghofûrurrohîm.
Kaom muslimin Rohimakumulloh!
Jalma nu aya di luar Islam hamo wani ngancurkeun Islam bari terang-terangan. Maranéhna kudu mikir panjang pikeun ngancurkeun masjid-masjid tempat ibadahna kaom muslimin, tapi ku akalna nu bulus, maranéhna nyiptakeun urang poho kana sholat, saperti play station jeung sajabana. Apan nu disebut anak téh éta amanat ti Alloh, ngamomorékeun amanat kaabus dosa, ku sabab kitu riksa jeung jaga nu jadi anak katut kulawarga urang. Saperti dawuh Alloh. Qû anfusakum wa ahîkum nâron. Riksa diri jeung kulawarga maranéh tina seuneu naraka.
Tina ayat tadi urang sadaya tiasa nyokot hiji palajaran, urang sadaya kudu rempan jeung salempang lamun téa mah urang sadaya jaga jadi jalma nu ngamomorékeun sholat. Urang sadaya kudu salawasna neneda ka Alloh sangkan nu jadi anak incu urang sadaya jadi jalma nu bagja di dunya jeung akhérat jaga, tetep ngadegkeun sholat, jeung miharep sangkan maranéhna jaga ulah kaasup golongan jalma nu nuturkeun hawa napsuna.
Hayu urang ronjatkeun ibadah sholat urang sadaya ku cara ngajak nu jadi anak incu urang katut kulawarga sangkan urang sadaya meunang jangji Alloh nyaéta kabagjaan di dunya jeung akhérat, sabab hadé jeung goréngna nu jadi anak incu urang sadaya éta gumantung kana ikhtiar urang sadaya nu jadi kolot dina ngatik jeung ngadidik maranéhna.
Mudah-mudahan urang kaom muslimin, salawasna ku alloh dipaparin pituduh pikeun ngalaksanakeun sagala rupa nu diparéntahkeun ku Mantenna jeung nyinglarkeun sagala rupa nu dipahing-Na. Amin.

Jumat, 20 Agustus 2010

Bubuka

بسم الله الرحمن الرحيم
الحمد لله ربّ العالمين وبه نستعين على أمر الدنيا والدين وعلى اله وصحبه اجمعين
اشهد ان لا اله الاّ الله وحده لا شريك له واشهد انّ محمّدا عبده ورسوله. الذى لا نبيّ بعده
فقال النبيّ صلى الله عليه وسلم.
من احبّ ان يبسط له فى رزقه وان ينسأله فى أثره فليصل رحمه


Puji nu tos maranti nu dijadikeun panghias ati mangga urang sanggakeun ka Gusti nu maha suci, Puja nu tos biasa nu sok dijadikeun panghias duka lara mangga urang sanggakeun ka Allah nu maha Kawasa, Syukur nu ti kapungkur mangga urang sanggakeun Alloh nu maha Ghofur. Alhamdulillah dina saat nu ayeuna urang masih ditangtayungan Rahmat sarta Hidayat sahingga baraya sa desa jeung dulur-dulur salembur bisa ngarasakeun nikmatna hirup jeung hurip salilana aya dina konsistensi "hayatuna kulluha ibadatun" . hal ieu teh teu aya lian ti kawasa jeung kersana Gusti nu maha suci. 


Salajengna, tina raraga ngalaksanakeun syari'ah Islam kalayan ngaliwatan washilah shilaturahmi keur ningkatkeun tali ukhuwah baraya sa desa jeung dulur salembur, perluna salah sahiji wadah anu fungsina keur ngahijikeun wajah jeung wijhah urang sararea, sakumaha ceuk visi urang " Ngajalin Ukhuwah Ngabeungkeut Tali Rahmah". Kukituna dina mangsa anu ayeuna mangga urang pada-pada rojong jeung dukung aspirasi ieu keur nyalurkeun partisipasi baraya sangkan ngawujud wajah jeung wijhah urang. 


Diantara ayat anu paling pokok dijadikeun dasar yen wajibna silaturahmi nyaeta surat Annisa ayat 1 anu kieu unggelna, Wataqullâh alladzî tasã`alûna bihî wal arhâm… “Dan bertakwalah kepada Allâh yang dengan (mempergunakan) nama-Nya kamu saling meminta satu sama lain, dan (peliharalah) hubungan silaturrahim.”
kalimat Arhâm bentuk jama dina kata rahim ngandung harti kandungan. Imam Alqosimi dina tafsirnya mere pengertian ku makna “wattaqul arhâm” (nitip rahim, nitip kandungan).

Sapintas karasa teu aneh, Allâh nitipkeun kandungan, tapi nurutkeun ahli ilmu bayan/balaghoh kalimat seperti iyeu kaasup kana kalimat Majaz Mursal, min ithlaqil mahâl lil iradati hâl, disebut tempat anu dimaksud nyaeta  anu nempatannana.

Wattaqul arhâm. Nitip kandungan jelas maknana nyaeta nu  kaluar dina kandungan nyaeta anak jeung katurunan. Jadi lamun urang narik pamahaman dina kalimat nu dicokot dina surat Annisa ayat 1 tadi. Allâh nganjurkeun kudu takwa anjeun ka Allâh hei sakabeh orang tua jeung didik (jaga) anak katurunan anjeun supaya maranehna jadi manusa-manusa nu takwa og.

Di lingkungan urang sok loba anu memahami makna silaturahmi teh sebatas ngayakeun pertemuan kulawarga atawa pertemuan warga/babaturan. terus papada ngenalkeun hubungan duduluran; aki, nini, paman, bibi, alo, dstnya. Memang eta oge ngandung  nilai positif, tapi nu disebut silaturahmi teu sabates kitu, lain ngan wungkul nguatkeub hubungan duduluran, nu leuwih esensial (penting jeung mendasar) nyaeta kumaha nguatkeun hubungan kaimanan, katakwaan dina lingkungan kulawarga masing-masing.

Dina tafsir Ibnu Katsier dimaktub aya hiji hadits anu diriwayatkan Ibnu Jarir, Rasûlullâh Saw., bersabda, “Engke di na poe kiamat diantara hamba-hamba Allâh aya sakelompok jalma nu bakal meunang tempat nu istimewa di surga, maranehna teh lain para Nabi oge lain para Syuhada, malah para Nabi jeung Syuhada katarik ku kadudukan maranehna di sisi Allâh dina hari kiamat. Ngadenge pernyataan saperti para sahabat sumanget pikeun tatanya, ‘Yaa Rasûlullâh, manusa model kumah anu bakal meunang tempat istimewa di surga?’ Nabi teu  nyebutkeun ngaran oge kelompok, tapi nyebutkeun sifat, maranehna nu bakal meunang tempat nu istimewa di surga nyaeta anu nalika hirupna di dunya papada mikacinta, mikaheman kalawan dasar karena Ruh Allâh (kaimanan, kaislaman jeung katakwaan) lain kusabab ikatan harta atawa katurunan.”

Wajar lamun salah sahiji aki deudeuh jeung nyaah ka incuna kusabab boga hubungan famili, pantes lamun mitoha nyaah ka minantu kusabab kaiket ku anak, normal lamun saurang tukang dagang nyaah ka pelangganna kusabab aya iketan simbiosa mutualistis (hirup saling nguntungkeun pakuat pakait jeung harta). Tapi ternyata anu mawa akibat positif engke di akhirat -nepi ditempatkeun di kelas nu istimewa di surga, lain iketan kukulawargaan atawa bisnis, tapi leuwih kusabab iketan rasa kaimanan, kaislaman, jeung katakwaan.
Ku sabab kitu mangka nu di maksud  silaturahmi teh jelas lain ngan sakadar ngumpulkeun kulawarga jeung sili ngenalkeun hubungan duduluran tapi kumaha urang ngokohkeun kualitas kaimanan jeung katakwaan diantara kulawarga urang.

Naha lain anak Nabi Nûh nu jenengana Kan’an ku Allâh dilelepkeun ku banjir nu kacida pisan gedena. Nalika Nabi Nûh menta pitulung ka Allâh pikeun nyalamatkeun anakna, Allâh ngawaler, “Hai Nûh, manehna (Kan’an) lain kulawarga anjeun!.” Ahli tafsier ngamaknaan kusabab manehna (Kan’an) teu daek amal sholeh saperti bapa na (Nûh).

Dina carita Nûh jeung anakna urang bisa diajar yen makna silaturahmi teh lain ngan sakadar sasalaman ngayakeun pertemuan tapi nu paling esensial nyaeta kumaha urang ngokohkeun kualitas kaimanan, kaislaman, jeung katakwaan dina lingkungan kulawarga urang sahingga babarengan jadi manusa-manusa nu tarakwa.

“Jeung jalma-jalma nu ariman jeung anak incu maranehanana nuturkeun dina kaimanan, Kaula bakal nyambung anak incu maranehanana jeung maranehna, jeung kaula moal ngurangan saeutik oge dina pahala amal maranehanana. Tiap-tiap manusa kaiket ku perkara nu dilampahkeunnana.” (Qs. Ath-Thuur [52]:21)

Mudah-mudahan urang dipaparin kakuatan ku Allâh pikeun ngajaga jeung miara silaturahmi khususna dilingkungan kulawarga urang masing-masing. 

Wallohu 'alam bissowab

Kamis, 19 Agustus 2010

Naon ari makna Reuni ?

facebook
Lahirna situs Jajaring Facebook, alhamdulillah parantos seueur jeung ageung manfaatna kango orang sadayana. Iyeu teh mangrupikeun jaringan sosial antar babaturan nu bisa ngahubungkeun babturan nu pernah deukeut dina waktu baheula. Dina harti jeung batasan tertentu, Facebook mangrupikeun hiji eksperimen sukses tina teori Six-Degree of Separation. Tentang kumaha kajadianna jeung nu kudu dicermati.
Kusabab loba narima ondangan keur reuni, suatu saat nalika hate nagbatin, ngahaleungis hayang nagpdate status di Facebook, “Naon ari makna dina Reuni?” lamun urang ngalakukeun,  katingalina bakal loba jalma nu mikir nu teu puguh ku pamolah urang, tapi urang ngalakukeun kitu lain pedah teu boga alesan. Nyatana nu katingali, aya hiji reuni ngan wungkul eta reuni teh ngumpulkeun jalma-jalma tina riungan saeutik neupikeun saloba-lobana. Tina harti lain, reuni di dinya sabenerna ngan wungkul ngulang-ngulang memo-memo atawa kolektifisme esklusif dina mangsa baheula.  Aya oge reuni anu ngan wungkul manggihkeun jalma-jalma nu can pernah papisah dina waktu lila. Memang euweuh hiji norma nu ngabatasi sakuduna waktu nu geus lila samemeh reuni diselenggarakaeun (jeung dasarna naon reuni diayakeun). Lamun geus kitu, urang mikir, naha jalma sabenerna neangan alesan wungkul keur ngumpulkeun atawa neangan vareasi tina kabosenan jeung kejenuhan tina sapopoe? Beda deui reuni nu direkayasa atawa ditumpangan ku kapentingan. Iyeu hal anu paling pikakeuheuleun. Inisiatorna memang geus nyanangkeun  reuni, tapi manehna  akhirna aktif dina acara eta reuni  ngan wungkul keur meromosikeun bisnisna atawa pekeun  kapentingan pribadina.
Sakadar conto laleur, raejun ngariung mungpulung bongkok ngaronyok dimana aya hiji hakaneun atawa kasebut nu bau-bau, Sireum teu eleh geleng sok ngarumpul dina mangsa aya hakaneun nu amis-amis. Teu siga babi leuweung ngariung teh rek pamor paloba-loba anak, lain siga meri rek ngagunukgunuk endog. Tapi teu kitu, da urang mah manusa teu bisa disakompetdaunkeun jeung sato, kusabab kitu naon atuh ari makna reuni ? 
Urang lain rek sinis jeung kritis, tapi justru rek nyieun konsep pikeun ngajaga supaya reuni  teh bisa tetep positif. Lho, naha reuni eta teu salilana positif ? atawa Bisa negatif ? Ceuk Urang: bisa! teu sakabeh jalma saruwa sacara psikologis. Aya bagian-bagian tina perkembangan anu teu salilana ngarahkeun kana jalan nu konstruktif. Bayangkeun we, aya jalma nu mungkin masih berat neudeun sifat dendamna nalika mangsa baheula, nu bener-bener jauh tiheulana. Terus lantaran hiji reuni, jalma eta papanggih deui. Aya hal-hal nu tina hirup ieu teu bisa bdipopohokeun  tapi justru reuni malah sakabehna jadi balik deui kanu baheula. Mangka sakali deui urang nanyakeun, “Naon ari makna REUNI nu HAQIQI ?”
Siegmund FreudDina Psiklogi aya nu disebut regresi. Salah sahiji pencetus awal konsep ieu saha deui lian ti Siegmund Freud. Regresi nyaeta salah sahiji bentuk tina mekanisme defensif keur seolah balik nalika urang masih budak tina nyinghareupan hiji situasi, jeung lain pikeun nyinghareupan salaku jalma anu dewasa. Sok sanajan Anna Freud (budak leutik jeung hiji-hijina nu saprofesi jeung Freud) mere aksentuasi nu lain tina pengertian regresi, tapi intiny nayaeta urang ngarespon tina situasi nu mungkin teu ngenakeun baheula nu pernah ditampilkeun dina mangsa keur leutik dengan. Teu sakabeh prilaku nu regresif eta teh goreng. Ceurik atau Ngahalengis mangrupakeun contoh tina regresi. Tapi lamun reaksi kitu mindeng ditunjukkeun, mangka eta bakal jadi pola respon nu jelas-jelas bakal nyulitkeun diri saurang proses berkembangna kadewasaan satuluyna.
Keur kuring, reuni nyaeta hiji peristiwa anu teu kurang potensial jadi hiji piknik ka mangsa baheula jeung  ngabangkitkeun ingetan-ingetan baheula tentang sagala hal nu baheula mungkin jadi pencetus tina hiji ataua sababaraha pola. Hmmm
Rasionalisasi :)Hal nu tadi nu dimaksud regresi. Terus naon rasionalisasi ? Ieu sebenerna oge masih terminologi tina konteks Psikoanalisana Freud. Hartina nyaeta Ngabenerkeun. urang ngalakukeun sagala oge nu matak jalma lain percaya ku sikap, kapercayaan ataua laku lampah urang nayeta perkara nu rasio, padahal sabenerna (bisa) teu kitu. Poin tina kaitanna ku reuni tadi nyaeta, saenggeus bayangan regresif tentang mangsa baheula nu mencuat kana kasadaran, sababaraha urang mungkin ngalakukeun rasionalisasi tina persepsina manehna. “Sagalana memang geus robah, tapi saha nu bisa ngajamin yen A teu ngaheureuykeun B ku ngaran lanian di waktu baheula, nu matak jalma A esmosi?” “Mangsa memang geus cukup lila, tapi dendam tetep kudu kabales” Ataua barangkali, “Baheula aya hal nu can kalampiaskeun, mangka reuni ayeuna nyaeta saatna.” Bisa oge, … “Nalika manehna naglakukeun hal nu matak nganyerikeun hatena, nalika reuni manehna moal ngahampuran kana kasalahana. Jadi, leuwih hade mending teu datang dari kitu.” Tapi bayangkeun we, naha mungkin nu paling goreng tina reuni ? Sadia boboko samemeh sangu asak. Lamun reuni tetep teu nyenangkeun oky-oky w, tapi lamun henteu ?




insensitivesobKudu diakui yen bakal aya jalma-jalma anu baheula mungkin sok biki sebel, jeung ayeuna masih saperti kitu. Aya oge jalma anu ekstrovert bodo anu ceuk manehna sorangan mungkin bakal ngungkapkeun anu aya dina pikiranana omongan nu pikaseurieun di waktu baheula, tapi mungkin oge nyaeta aya jalma anu bener-bener nganyerihatekeun. didieu urang mikir, naha pengertian konfrontasi tadi leuwih hade kudu dibayangkeun tina suasana reuni wungkul? Maksud kuring, naha hade lamun reuni jadi hiji peluang oge pikeun urang secara asertif nganyatakeun naha nu salila ieu urang ngarasakeun atau tentang jalma sejen? kuring teu bisa ngabayangkeun eta bakal benar-benar bisa diniatkeun sakabeh jelma. Salian ti kabeh kapribadian bisa nangani masalah kitu, urang oge moal pernah apal yen jalma nu disingharepan bakal narima naon nu ku urang diucapkeun. Bisa disebut paranoid lamun didieu kudu dibejakeun yen samemeh reuni dilaksanakeun, sakabeh peserta kudu patuh kana codes of conduct. Masalahna, teu mungkin ngendalikeun perilaku sakabeh peserta reuni. Lamun teu kitu, reuni ku codes of conduct eta malah lain reuni sama sakali. lamun kitu, sakurangna aya ‘gerakan’ proaktif tina diri masing-masing, ngan wungkul dina diri urang wungkul, pikeub ngaevaluasi sakabeh perasaan eta. Urang bejakeun we, susuganan jalma nu tolol anu teu sensitif eta memang geus ditakdirkeun saperti kitu salila hirupna.
OK, ku nuliskeun sakabeh kitu, naha ayeuna jadi cukup alesan pikeun urang supaya ngungkapkeun yen reuni mungkin penting pikeun kasehatan jeung perkembangan psikis urang ? Sakabeh jalma pasti boga masa heubeul, tapi tetep oge sugan reuni eta teu pikeun sakabeh jalma. Euweuh nu ngungkapkeun hade jeung gorengna, sabab aya hiji masa dina diri urang – kacida pisan beuratna – urang kudu tanggungjawab kana diri sorangan. Mangka datang atawa teu datang ka hiji acara reuni nyaeta kabebasan pikeun sakabeh jalma.
Mudah-mudahan reuni anu memang regresif eta bisa ku urang  dimanfaatkeun pikeun ngalepaskeun rasionalisasi nu goreng tina mangsa baheula. Waktu nu ngubah segalanya, jeung sagalana memang pasti bakal rubah. Datang ka acara reuni pikeun sababarah urang bisa jadi konfrontasi, tapi hal  nu kitu mangrupikeun konsientisasi anu nyehatkeun jeung ngabersihkeun.
Saurang teolog Amerika, Tryon Edwards (1809 – 1894), ngungkapkeun :Every parting is a form of death, as every reunion is a type of heaven. Satiap perpisahan mangrupikeun hiji bentuk kematian, saperti halna satiap reuni mangrupikeun sajenis surga. Jadi, naon atuh gunana reuni ?
Catatan: tulisan ieu teu berlaku pikeun maranehanan anu mengklaim yen masa laluna sampurna jeung terlalu ngabahagiakeun.